Kamis, 03 Juni 2010

UPACARA PROSESI PELANTIKAN

Sejak dulu terdapat kebiasaan mengadakan upacara pelantikan, misalnya menyelamatkan rumah/bangunan, pelantikan orang yang mendapatkan kedudukan tinggi. Dengan berbagai perkembangan pelaksanaan upacar seperti ini makin meluas, maka dikenalah upacara melepas dan menerima mahasiswa/siswa di sekolah, pelantikan anggota DPRD, dan lain sebagainya.
Pada pelaksanaannya sering dilengkapi dengan menggunakan iringan gamelan, nyanyian, narasi, tarian.
Bahasa yang digunakan dalam sawer, baik berupa prolog, epilog, mau pin inti sawer umumnya berupa sajak atau juga pupuh yang puitis sehingga menyentuh hati dan memberi kesan agung serta khidmat. Barisan upacara yang berpakaian adat kerajaan, para penari yang memebrikan kesan agung, khidmat dan semarak kepada yang menyaksikannya.
Selain sawer pelantikan biasa untuk melantik manusia, terdapat pula semacam sawer yang erat kaitannya dengan pertanian, yakni sawer pelantikan (pengantin) tebu dan padi, yang biasa juga disebut sawer Dewi Sri. Sedangkan sawer pengantin tebu biasa dilaksanakan sebelum dimulainya penggilingan tebu di pabrik setelah panen pertama dilaksanakan.
Pelaksanaan upacara pelantikan tebu dan padi hampir sama caranya. Diadakan berbagai sesajen, menggunakan arak-arakan/helaran diiringi waditra pengiring dan berbagai jenis kesenian yang termasuk dalam kesenian helaran.

Contoh puisi sawer

Penerimaan Mahasiswa

Toya Mijil
1.  Langit lenglang angin ngadalingding
dayeuh Bandung ditabur sosoca
permata kosokeun
rekaeun di Pajajaran disiraman
ku banyu Parahyangan

2.  Siliwangi nu arum kawangi
ngajaring ngalanglang
ngajurung ti kalanggengan
malar Pajajaran
wangina leuwih kawangi
nyambuang ka sabuana

Narasi
3.  Kalangkang nu kamari ngalangkang
Ayeuna nembongan deui

Ayun Ambing
4.  Ngembat jalan ka isukan
bulungbung jalan sorangeun
mangsa balebat geus ray-rayan
ngan langitna ceudeum keneh

5.  Najan surya can nembongan
isukan anjeun rek tandang
bekeleun kujang sapasang
ngan pacuan
duhung lain keur adigung
kujang terapkeun na dada

6.  Samemeh bral makalangan
nyorang tegalan sampalan
nguji diri ngahontal tujuan
sakali deui kaula meredih
mangka caratet ku aranjeun
pangnyiramkeun ieu pasundan
nu endah, tempat anjeun bumetah
ku cai cikahuripan,
sangkan kaagungan Pajajaran
sangkan wawangi Siliwangi
angger nyambuang
di buana panca tengah

7.  Mihape: pamor pajajaran kaula
ulah arek kegeuleuhan
jung, mangka nanjung
dina adeg-adeg tangtung
bral geura tandang makalangan
keur ngudag kawaluyaan
waluya di alam urang
keur ngudag kapanasaran
bekeleun anjeun gumelar
urang tutup lalakon urang kamari
bari teu kendat muji
sukur ka Nu Agung
nu geus nyalametkeun urang

8.  Mun panonpoe geus lingsir
ninggalekun tapak kaliwat
mulas katineung hate
engke mah mo datang tandang
da acara geus lekasan
nyukupan waktu saminggu
nyumponan papagon Unpad

Kidung
9.  Pun sapun ka sang rumuhun
ka Nu Agung maha leuwih
amit sun seja tamada
bilih kirang tata titi
pangampura nu diteda
neda sihing pangaksami

Liwung Jaya
10.   Bulungbung jalan sorangeun
langitna geus teu haleungheum
ngembat jalan ka isukan
anginna halon ngusapan
hatur nuhun ka Nu Agung
ngaijabah nagtayungan
pameredih abdi-abdi
mugi langgeng miasih

Karatagan Pajajaran
11.   Pajajaran lambang kamajuan
Panaratas jalan narawangan
Pajajaran panyungsi pangarti
Sajatining harti nu hakiki
Pajajaran tempat nyiar elmu
Ngagayuh panemu nu saestu
Pajajaran mupuk kamekaran
Budi jeung pikiran kaahlian
Pajajaran kagurnita
Sekar arum kaagungan lemah cai
Hibar sinar Nusantara
Tuduh jalan para seuweu siwi nagri

Narasi
12.   Wilujeng sumping adi adi kuring
bagea datang baraya
nu baris tandang
isukan bareng berjuang
nyukcruk panemu nungtik pangarti
pibekeleun urang hirup
gumelar di papantunan

Sekarmanis
13.   Haturan, haturan
ginuluran laksana paneja
haturan, haturan
urang bareng nungtik nyiar luang
gelar di Pajajaran
jadi jejer sajatining jejer
muga mulus rahayu
lulus banglus laksana paneja

Narasi
14.   Kalayan muji syuku ka
Allah Subhanahu wataala
Ku jalan ieu
Pekan Orientasi Study
Universitas Pajajaran tahun 1975
Ditutup

Gk Jayakarta
15.   Bray siang kuniang hudang
balebat sinar harepan
udagan, ngolebat kokolebatan
ngolebat nyaangan udagan urang

Cag
16.   Run turun jati rahayu
Bray siang banjaran bagja


Drs. Enip Sukanda
Unpad 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar